Cerpen ke-2 (vers.b.sunda)


Sababna

Keclak! Ci panon ragrag maseuhan foto zaman baheula anu geus rada luntur nyaéta foto awewe geulis anu keur mangku budak. Haténa ceurik sangkan hayang balik deui ka zaman baheula anu loba pisan kabungahan. Kabungahan anu henteu bisa di gantian ku nanaon ogé. Kabungahan sangkan bisa kénéh paamprok jonghok jeung indungna anu nya’ah pisan ka budakna.

Keclak! Ci panon rarag deui maseuhan eta foto. Haté Faujiah inget kana kahirupan manéhna anu ngan saukur bisa dahar sangu jeung uyah wungkul, tatapi éta teu ngalunturkeun kahayang sangkan nu jadi indung ngabagjakeun jeung nyakolakeun budakna nepi ka jadi jelema anu bisa ngarobah dirina sorangan jeung nagarana.

Lengeun bodas manéhna henteu ereun – ereun ngusapan éta foto bari terus ngagikgik ceurik. Haténa ngomong “Bu, hatur nuhun kana sadaya anu parantos ibu pasihan ka sim kuring, sangkan ayeuna sim kuring bisa ngawujudkeun kahayang sim kuring sareng kahoyong Ibu diuk di dieu maké jas bodas dina korsi jeung meja sorangan, sangkan jadi jelema anu jadi cukanglantaran dina ngubaran batur anu keur diuji ku gusti Alloh kasehatanana. Ibuuu... sim kuring sono ka ibu, sim kuring hoyong patepang paamprok jonghok nyium leungen jeung nangkep awak ibu anu bisa méré kabungahan keur sim kuring hirup. Ayeuna sim kuring ngan bisa saukur ningali awak ibu tina kertas anu geus luntur ieu. Hapunteun bu salami ibu aya, sim kuring sok nyusahkeun wae ibu sangkan ngajengkelkeun ibu ku kalakuan badeur sim kuring. Sim kuring jangji ka ibu sim kuring bakal janten jelema anu dipikahayang ku ibujeung bisa ngabagjakeun jelema réa.” Teu lila manéhna cengkat ka cai mawa cai wudu’, manéhna solat ngadu kanu jadi Pangawasa. Saeunggeus solat manéhna cicing diuk dina amparan sajadah sabari ngagikgik ceurik, maneuhna nginget-nginget keur leutik anu pinuh pisan kapeurih.

‘’Buuuu...panas! Hoyong uwih’’

‘’Muhun ke sakeudapnya ibuna nuju didameul heula,’’ tembal indungna keur ngangkut-ngangkut batu anu enggeus dibelah jadi laleutik.

“Buuuu...lapar hoyong emam,’’ penta manéhna ceurik

‘’Muhun geulis ke nya sakeudap deui! ibuna kapameung yeuh, engke urang meser,’’ tembal indungna seuri sabari dibarengan ku batin peurih.

‘’Buuu...haus hoyong eueut’’

Khoerina nganbisa saukur seuri ngajanjikeun paménta budakna anu can tangtu kacumponan. Haténa peurih sangkan ningali kaayan budakna anu leutik keneh geus diajak papanasan digawe di gunung anu 5 km jauhna ti Desa Manggungjaya. Tapi da dikumahakeun deui hirup ngan saukur duaan dina imah reot anu geus palalaur runtuh ieu, eweuh batur jang ngasuh budak pas manéhna keur digawe. Salaki anu dipikanyaah geus 3 taun maot ninggalkeun manéhna dina kaayaan eusi beteung kénéh. Khoerina jangji ka diri soranganana yén manéhna kudu bisa nyakolakeun budakna nepi ka sakola anu luhur sangkan budakna jadi jelema anu bener teu jiga manéhna jeung bapana anu ngan saukur jadi tukang ngangkut batu di gunung. Teu paduli manéhna rék dahar atawa henteu pokona mah kabéh anu bisa dilakukeun ku anu jadi indung dilakukeun ku manéhna.

2 taun datang, maksa indungna kudu nyakolakeun budakna disakola SD anu 2 kilo jauh ti imahna, tapi kumargi kitu henteu ngalunturkeun saeutik-eutik acan kahayang Khoerina nyakolakeun budak. Unggal poé manéhna leumpang mangku budakna indit kasakolaan, saprak budkana keur diajar manéhna mah sumanget balik deui digawé neangan duit jang miayaan hirup budakna. Unggal dur duhur manéhna incah turun kahandap langsung lempang ngajemput budakna anu geus diajar.

‘’Geulis, kumaha sakolana? Diajar naon waé tadi?’’ tanya indungna

‘’Kitu wé bu biasa diajar tatambahan sareng kukurangan, tapi tadi di kelas aya anu moyokan’’tembal budakna ngeluh

‘’Naha beut moyokan? Moyokan kumaha?’’tanya indungna peurih

‘’Sabab abi ngan hiji-hijina budak anu geus teu gaduh bapa,’’tembal budakna polos

Indungna ngan saukur bisa méré papatah jeung seuri  nutupan kanyeri haténa saprak ngadéngé carita budakna. Émang anu sakola di sakolaan éta téh, jelema kota wungkul anu indung bapana araya keneh jeung anu geus baroga imah jeung sawah. Indungna lain rék ngajerumuskeun budakna, malahan mah eweuh deui sakola anu alus di lemburna, jadi kapaksa manéhna kudu nyakolakeun budakna dinu kitu. Tatapi aya alusna ogé budakna disakolakeun didinya téh, kusabab améh budakna kabawakeun alus élmuna ceuk manehna. Teu karasa lempang geus tereh napak kana buruan imahna anu reot.

‘’Buuu...lapaaaar’’

‘’Muhun, antosannya ibu cuang masak heula’’tembal indungna sabari ngusapan sirah budakna

Khoerina gura-giru lumpat nempo gentong badag anu aya di dapur, manéhna nempo béas anu tinggal sasiuk deui, éta gé ngan cukup keur soranganeun. Bakat ku nyaah ka budakna manéhna bebelaan henteu dahar sangkan budakna bisa wareg jeung sehat sarta bisa ngawujudkeun harepan manéhna ningali budak jadi jelema sukses.

Song piring tina seng anu eusina pinuh ku sangu jeung uyah wungkul. ‘’Geulis, puntennya ibu ngan saukur tiasa masihan ieu, artosna seep dianggé mayar hutang,’’

‘’Muhun buu..teunanaon sakieu ogé cekap. Ari ibu éntos emam?’’ceuk Faujiah

‘’Atos tadi di dapur, sabari ngantosan cai ngagolak. Sok wé ayeuna mah geulis emam wé sing wareg ameh sehat,’’ waler Khoerina ngabohong

Teu karasa keclak cai panon ragrag kana pipi kucel anu jadi indung, ningali kabagjaan budakna anu ngan saukur sakieu kaayaanana.

Dor dar gelap ngagebeugkeun haté anu keur caricing di Imah. Peuting anu poék eweuh caang bulan jeung bintang, budakna boga pangabutuh ka indungna anu keur ngajait baju soeh.

‘’Buuu...abi tos teu gaduh buku, bukuna seep jaba enjing aya pr,’’

‘’Pilarian sugan bisi aya keneh kertas anu kosong,’’

‘’Atos tos dipilari, tapi da entos sareep,’’

Khoerina cicing mikir sangkan kumaha carana nyumponan pamenta budakna. Gura-giru manéhna ngodok saku nempo duit. Tinggal ngan saukur 2000 perak deui, ibuna langsung lumpat mawa payung kaluar imah. Manéhna leumpang neangan warung anu icalan buku tulis sabari kikiciprakan dina hujan. Teu lila manéhna manggihan warung anu dekeut imahna tapi tutup, tuluy manéhna indit ka warung anu jauh nyaéta warung anu aya disisi jalan gede. Manéhna bungah sangkan jibreg bareseuh ogé geus meunang éta buku. Akhirna mah budakna bisa ngerjakeun pr.

Isuk keneh Indungna indit ka gunung ninggalkeun Faujiah di imah sorangan kusabab manéhna libur sakola. Manéhna anteng ulin jeung éntog tatangga anu aya di pipir imahna. Teu karasa panon poé geus aya diluhur pisan, manéhna asup ka imah teu kahaja ningali hiji botol aqua anu nangtung dina meja kai. Manéhna teu loba tingkah langsung inget ka indungna sieun indungna teu nginum, kereteg manéhna lumpat ka Gunung anu ngan saukur mérékeun cai nginum anu tinggaleun.
***
Teu karasa Faujiah geus rék tamat SMA. Maenéhna hayang dituluykeun sakola ka anu leuwih luhur deui nyaeta universitas. Indungna ngadungkung pisan kana kahayang budakna anu hayang jadi dokter. Di zaman kiwari mah geus kateulah sakolaan dokter mah marahal malahan mah nepi ka ratus-ratus juta. Tatapi éta teu ngalunturkeun sumanget Khoerina sangkan miayaan éta budak, manéhna percaya yén rizki mah geus aya nu ngatur, dimana urangna gentol usaha pasti Alloh ogé méré.

Teu lila geus tamat SMA budakna katarima beasiswa sakola kedokteran di Jepang. Atuh.... sujud syukurna éta mah teu ereun-eureun. Tapi kukabungahan éta indungna sedih kusabab kudu papisah jauh jeung budakna.

‘’Dok, aya telepon,’’ sora suster anu digawe didinya ngagubragkeun lamunan manehna. Manehna cengkat leumpang ka hareup ngawaler eta telepon. Teu disangka anu nelepon téh nyaéta tatangga indungna di lembur.

‘’Aya peryogi naon bu?”taros Faujiah

‘’Neng, bibi téh mendak béja ti Bi Yayah yén si Ibu téh ngaéh waé, saurna mah sono hoyong pendak pisan sareng eneng,’’

‘’ Paingan abi téh inget waé ka ibu, tapi Ibuna sehat, Bi?’’

‘’Duka nyaeta bibi gé teuterang, da bibi dieu nuju rariweuh nyanghareupan sawah anu keur panen, eneng uwihnya bisi ayananaon si Ibu ’’

‘’Oh muhun nuhun atuh bi, engke abi uwih kadinya,’’

Tuuuuuuuttttt.......sora telepon anu geus ditutup. Haténa langsung teu puguh rarasaan, mikiran kaayaan indungna. Manéhna bingung kudu kumaha sangkan bisa balik ka lembur, kusabab didieu manehna masih keneh loba pasen anu ngabutuhkeun jasa manehna. Tapi akhirna mah manehna mutuskeun balik heula ka lembur, da sieun aya nanaon kanu jadi indung. Ari pasen didieu mah bisa diurus kunu sejenna ceuk manehna dina haté

Pa Masinis geus siap-siap indit. Bapa-bapa anu make seragam biru méré aba-aba ngangkat plang hejo anu tandana geus bisa maju. Sora ngahiungna kareta ngeretegkeun haté Faujiah anu geus teu sabar hayang buru-buru papanggih jeung indungna. Teu karasa 20 jam ogé kacumponan kumanehna. Ayeuna manehna geus aya dilembur leutik anu aya di belah kaler Jawa Timur. Manehna lempang dina jalan satapak sabari ngitung lengkah, dina satiap lengkahna kabayang wajah indungna anu unggal poé nganteurkeun manehna sakola, di gawé, jeung sajabana, cai panon ogé geus teu ka bendungan deui.
Teu karasa manéhna nepi di buruan imah anu geus reot pisan. Tapi anu disangka-sangka sepi kawas biasana ayeuna mah loba jalma ngariung di imahna kusabab...........................................

Komentar